Nu Anteng Hareupeun Eunteung Monitor

Tengah poé éréng-éréngan, hawa di jero ngelekeb bayeungyang teu kalis ku dipasang kipas angin. Mun lain waktuna jaga mah, geus balik ka kontrakan ti tatadi gé ngareureuhkeun kacapé balas mentrang papanasan nikreuh ti kampus. Ongkoh deuih aya keutikeun nu can réngsé peuting tadi, angkeuhan téh éngké wé isuk dituluykeun deui. Nya poé ieu pisan ketikan téh rék di cokotna, jam tilu pas sakumaha nu katulis dina kertas aplikasi type writing order. Boga kénéh waktu ari kitu mah kurang leuwih dua jam deui. Waktu nu samporét pikeun nganggeuskeun ketikan, tapi waktu nu laluasa pikeun ngimpleng deui manéhna.

"Mas…, bisa tolongin ini dong" cék hiji sora ti tukang semu ogo nyalukan kuring, payusna mah awéwé éta téh. Wayahna ketikan nu keur dihanca téh diécagkeun heula. Sing inget utamakeun heula konsumén ulah katungkulkeun teuing ku ngudag proyékan, kitu nu diwanti-wanti ku dunungan saban évaluasi bulanan. Nya ieu suku téh hideng sorangan nyampeurkeun nu ménta tulung tadi.

"Kumaha Yi…, aya nu tiasa dibantos?" Kitu, kuring ngamimitian muka obrolan salawasna maké basa Sunda jeung angger kudu waé dibarung ku pameunteu nu marahmay sakumaha pamaredih dunungan dina ngalayanan konsumén. Mun nu ditanyana rungah-ringeuh siga awéwé nu di hareupeun, gura-giru kuring nanya deui.

"Gimana De…, ada yang bisa saya bantu?"

"Ini ni mas, gimana sih caranya bikin nomer halaman?" Cék manéhna bangun nu éraeun teu bisa nu kitu-kitu acan.

Kuring surti, da inget kana papatah dunungan yén urang minangka operator kudu mernahkeun manéh handap asor ka konsumén tong adigung luhung élmu. Manéhna nanya kitu mah teu talangké deui ku kuring dibéjaan bari jeung prakna.

"Saya yakin sebenarnya Ade dah bisa, mungkin lupa lagi ya….Gini De, klik insert lalu klik page number. Pilih position-nya mau di atas atau di bawah, juga alignment-nya mau di kanan, tengah, atau kiri. Dah gitu klik format, pilih number format-nya mau angka arab, romawi besar, atau romawi kecil. Klik OK deh. Mudah ‘kan?"

"Iya nih…, saya lupa lagi. Ma kasih ya Mas…."

"Kembali kasih…." Témbal kuring bari ngilikan jam dina eunteung monitor di handap beulah katuhu.

Geus satengah dua yeuh, gancang kuring muru ka méja operator rék neruskeun hanca ketikan nu tadi katunda. Ngahaja dipigawéna gé wayah kieu, ngarah laluasa migawéna jeung tadi isuk bisa ka kampus heula nguruskeun niléy. Teu kaganggu teuing ku konsumén wayah kieu mah, maksudna téh henteu réa teuing kaselang ngabantuan konsumén. Ayeuna gé nu keur ngaréntal meni coréngcang pisan katempona téh. Ngan duaan. Nu hiji, awéwé nu bieu, di komputer nomer tujuh tukangeun méja operator. Nu kaduana di komputer nomer lima hareupeun méja operator, lalaki, umurna manjing kana pantar hiji dosén di jurusan nu pamolahna badis béncong.

 "Ramuan pengawetan itu terdiri atas formalin, alkohol, phenol, dan glycerine. Selanjutnya, ramuan yang berbentuk cairan itu diinfuskan ke dalam tubuh donatur. Caranya, dengan menyuntikkan jarum ke dalam pembuluh vena…," ké ieu téh ‘saphena magna‘ atawa ‘sapnena magna‘ nya, aksarana teu écés ieu téh lebah /h/ jeung /n/. Sieun salah ketik. Nu kieu meureun nu cék Reynold Wilson mah kasebutna kasus subtitusi dina élmu filologi téh, nya éta kasus salah tulis akibat tina kasalahan nu nyalin (nu ngetik?) marga lantaran wangun aksara atawa éjahaanana nu méh sarua.

Alusna mah alus ieu tulisan téh, kumaha wé karéréaanana tulisan awéwé. Komo atuda nu ieu mah, nu nulisna gé boga tangtungan manjing ka sieup, sieup rupana, nya sieup kuliahna. Mun teu di Kedokteran Umum atawa di Kedokteran Gigi, paling copélna gé di Keperawatan kuliahna téh. Ké geura urang ilikan NPM-na ‘na kertas aplikasi type writing order, tuh da enya teu jauh tina sangkaan, nomer NPM nu mimitina tina ‘C’ mah pastina gé mahasiswi Kedokteran Umum. Pantes wé ari kitu mah tulisan nu keur diketik téh réa istilah-istilah nu teu tuman dina ceuli kuring.

Jadi ieu téh ‘saphena magna‘ atawa ‘sapnena magna‘ nya, ké susuganan aya dina program Linguistik. Klik program Lingustik, ngasupkeun éntri ‘saphena‘ dina pencarian Inggris ka Indonesia, goréhél wé aya éta sakadang kecap téh. Geus jinek mah teu burung dihanca deui ketikan téh, "… saphena magna yang ada di kaki kiri donatur. Cairan infus formalin sebanyak 5 liter tersebut dipindahkan ke dalam tubuh donatur selama 1,5 jam."

"Kang, ari gambar nu di-scan tadi di mana nya disimpenna?" Cék lalaki nu di komputer nomer lima. Keur jongjon tungkul ngetik gé kanjat nyelang heula tanggah nempo ka manéhna nu keur ngagiwir-giwir kertas.

"Gambar nu mana nya, Kang?" Cék kuring malik nanya hayang leuwih jéntré, da rarasaan mah kuring ti tatadi henteu nampanan gambar ti manéhna pikeun di-scan.

"Ieu…, gambar peta Kacamatan Jatinangor." Témbal manéhna bari nempokeun éta gambar peta ka kuring.

Kuring ngahuleng sajongjonan mah, euh bedul téh pagawéan si Gomés éta mah. Cik atuh talatah tadi téh saméméh manéhna indit, mun lalaki nu di komputer nomer lima nanyakeun scan-an, ngaran file-na ieu diteundeun dina folder ieu kituh. Da ieu mah lebeng wé.

"Ké sakedap nya, Kang, urang pilarian heula. Antosan wé di dinya." Cék kuring ti dituna mah ngupahan manéhna sangkan teu kaluman.

"Kang…, file scan-an gambar petana aya dina folder my document, nami file-na ‘Jatinangor.jpg’. Kumaha Kang, kapendak?" Cék kuring sanggeus tadi ditéangan ngaliwatan search file and folder.

"Aya…, kapendak. Hatur nuhun." Témbal manéhna bangun nu bungah.

Sukur atuh ari geus kapanggih mah, wayahna ulah akang-akangan waé nya. Puguh gé hayang gancang-gancang bérés yeuh ketikan téh. Geus meunang sabaraha lambar nya, lumayan geuning geus meunang tilu puluh lambar. Nu can diketik téh paling copélna gé kana lima lambareun deui. Jumblah-jambléh aya kana tilu puluh lima lambareun. Geus sidik tah piduiteun téh kana opat puluh tujuh rébu lima ratuseun. Bisa boga sendal nu rada eucreug atuh ayeuna mah.

"Mas…, mau di-print dong."

"Sok aja langsung néng, kertasnya A4 ‘kan?" Témbal kuring bari angger tungkul kana keyboard.

Hampura néng, lain ngahaja diculkeun. Sok da gampang ieuh tinggal klik file, print, terus di-ok, atawa ctrl+P terus di-ok. Mun teu kagok ku hanca mah néng, teu burung disampeurkeun ka dinya rék dibantuan. Maenya teu bisa nge-print-nge-print acan, mojang nu rancunit tadi peuting gé dibéjaan kitu mah teu kudu ngaduakalian deui nanya geus bisa jeung prakna. Kahayang mah lain saukur nanya manéhna téh, tapi sakalian ménta tulung. Mun manéhna kolu ménta tulung ka kuring mah, moal diengké-engké deui tangtuna gé giak nyampeurkeun ka manéhna tangka réréndéngan. Manéhna anteng diuk na korsi mencrong eunteung monitor, kuring nangtung ngalingling ngadeuleu maling ka manéhna.

"Mas, nge-print-nya udah. Delapan lembar ya."

Peuting harita manéhna aya ku anteng hareupeun eunteung monitor. Ramo-ramona bangun nu geus wanoh pisan kana tuts keyboard, pon kitu deui sabalikna tuts keyboard bangun nu lalindeuk nyampeurkeun ramo-ramo manéhna. Siga nu geus sahaté. Arang langka manéhna mah ngagunakeun mouse, sigana téh haram pikeun manéhna mah mun dina ngetik sakeudeung-sakeudueng kana mouse sakumaha prahna nu sok ngararéntal. Manéhna kitu téh tangtuna gé kungsi kursus heula kumaha carana ngetik maké sapuluh ramo, teu cara kuring ngetik téh maké sabelas ramo kénéh.

"Mas, komputernya dah selesai, jadi berapa semuanya sama yang tadi nge-print?"

"Gimana De, dah selesai ya. Tunggu sebentar ya…" Témbal kuring bari ngalieuk heula ka manéhna. Ketikan nu dihanca tadi teu poho di-save heula, tinggal salambareun deui yeuh.

"Rental komputernya dua jam setengah, dua ribu lima ratus. Nge-print-nya delapan lembar, dua ribu. Jadi totalnya empat ribu lima ratus rupiah." Cék kuring bari leungeun mah teu lésot nyatet-nyatetkeun kana jurnal billing.

"Ini uangnya Mas, ma kasih ya…" Cék manéhna bari diémbohan ku imut nu semu kapaksa. Imut nu saenyana mah dipiharep lain ti manéhna, tapi ti nu peuting nu anteng hareupeun eunteung monitor sanajan imut nu sarua kapaksana.

"Kembali kasih…." Cék kuring sanajan telat némbalanana, manéhna geus nepi ‘na lawang panto. Lieuk ka beulah luhureun lawang panto, jam Seiko ngajeblag méré béja yén waktu nu nyésa tinggal saparapat jam deui. Tinggal salambar ieuh, teu burung anggeus engké gé.

Di jero, hawa geus rada rerep maju ka tiris. Kipas angin nu ti tatadi teu weléh muter téh geus mangsana ayeuna mah reureuh heula, karunya katempona téh. Nu ngaréntal tinggal saurang deui, mingkin tiiseun. Tapi moal lila deui gé di jero teu burung ramé, nu ngaréntal, nu nitah pang-scan-keun, nu nitah pang-backup-keun, nu ménta pangetikkeun, atawa nu ménta pangnerjemahkeun. Maranéhanana daratangna téh kasorénakeun, siga nu geus meunang ngatur, siga nu geus jarangjian. Engké soré urang ka réntal anu yu, kitu meureun cék maranéhanana téh. Biasana mun geus kitu, jaga téh tara sorangan deui da sok aya freelance nu ngabaturan sakalian manéhna téh ngadaragoan nu marénta pangetikkeun atawa pangnerjemahkeun.

Teu kudu nepi ka saparapat jam lilana, ketikan nu tinggal salambar deui téh geus anggeus. File-na ku kuring téh diteundeun di dua komputer sakumaha cék paréntah dunungan sangkan teu hariwang mun salah sahijina keuna ku virus. Nu hiji diteundeunna téh di komputer operator, nu kadua mah diteundeunna téh di komputer nomer opat nu aya port USB-na paragi nyolokkeun flashdisk.

Tamba kaluman ngadagoan manéhna nu rék nyokot ketikan, kuring nyetél lagu tina winamp. Lagu kameumeut kuring, lagu India Kal Ho Na Ho. Manéhna resepeun henteu nya lagu India, henteu pastina gé. Pédah wé basa peuting diheureuyan resep henteuna manéhna kana lagu India, manéhna téh kalah angger anteng hareupeun eunteung monitor. Teu ngalieuk-lieuk acan. Atawa teu ngartieun kitu pédah ngaheureuyanana maké basa Sunda, ah tangtuna gé ngartieun da cék kuring mah manéhna téh urang Sunda. Ilikan wé tina ngaranna: Tinawati Pramurniati. Ngaran nu samodél kitu mah kapan ngaran nu deukeut-deukeut kana létah urang Sunda.

Nu digaoan can kénéh waé datang. Haté kumejot hayang geura-geura jonghok, hayang geura-geura meunang imut nu leleb. Mun peuting harita manéhna poho teu méré imut ka kuring basa ménta pangetikkeun, ku kuring dihampura da apal manéhna téh bangun nu geus teu parurun kitu. Katempona téh hayang geura gancang-gancang muru ka enggon ngareureuhkeun kacapé balas diuk mangjam-jam anteng hareupeun eunteung monitor. Ayeuna mah manéhna gé pasti inget. Lian ti manéhna kudu mayar sakitu puluh rébueun, manéhna kudu méré imut nu panglucuna minangka émbohna ka kuring nu geus daék narima ketikan peuting-peuting.

Nu rék ngararéntal geus mimiti daratang, freelance gé geus aya saurang nu ngabaturan. Di jero réntal ayeuna mah geus mimiti haneuteun teu combrék teuing kawas tadi, tapi di sajeroeun dada aya ku simpé bangun nu ngayun ngambing ati nganti manéhna. Seiko nu ngajeblag ‘na luhureun lawang panto, jarum-jarum jamna badis ajal nu ngukuntit kuring sangkan ulah panggih deui jeung manéhna. Saparapat jam deui waktuna jaga geus béak, engké jam genep baris ganti shift. Naha rék didagoan waé nepi ka datangna, naha teu kapok ku geus sababaraha kali wawanianan ngumbar sawangan nu éndah-éndah. Tong wawanianan ngaharepkeun yén dina hiji mangsa pasti pinanggih jeung awéwé nu baris méré imut nu panglucuna, imut nu henteu kapaksa. Sing sadar itu konsumén, urang operator, pamohalan bisa laksana.

"Heueuh, aing kudu balik ayeuna kénéh!"

"Jig wé, da geus waktuna ieuh." Cék si Cubék ti tukangeun, teu kanyahoan ti mana holna. Enya geus waktuna kuring balik, geus jam genep!

In Memoriam Galerry Computer, 22 Agustus 2006

Washing Machine

Bangun nu embungeun kaganggu manéhna mah, ngahaja milih tempatna gé di nu pangjuruna. Sakitu geus dibéré nyaho gé ku Operator yén di dinya téh teu pati caang, keukeuh, témbalna téh, "Gak apa-apa kok, cuma sebentar doang." Heueuh ari kituna mah rék lila atawa sakeudeung gé nyeuseuhna da nu anuna ieuh, tapi rék kumaha beresihna mun nyeuseuhna di nu teu pati awas mah.

Bakating ku nyaah sigana, ditémbalan kitu ku konsumén téh, Operator teu éléh déét nitah manéhna mun bisa mah sangkan pindah waé ka mesin cuci nomer 10 atawa nomer 1. Gebeg haté téh asa aya nu nonjokan, teu puguh déngéeunana caran kaléng nu ditakolan. Teu salah kitu dédéngéan téh, geus wé atuh mun bisa mah sina pindah ka nomer 10 wungkul ulah maké jeung atawa. Mun laju jeung atawana, mun laju jeung manéhna daékeun, teu pamohalan nyeuseuhna téh bisa pagigir-gigir. Palias, teu kaur bérés yeuh nyeuseuh téh.

Sok jadi keuheul nu aya, ka Lampu Néon nu ngan hiji-hijina ngadaplok di tengah-luhureun rohangan, ka Mesin Cuci nu keur disanghareupan, pangpangna ka mangkeluk Operator nu katémbongna boga ulat cunihin. Mun lampu néonna henteu ngan hiji mah, sahenteuna mesin cuci nomer 5 nu di pangjuruna téh tangtuna bakal leuwih kacaangan (abong kéna usahana kakara buka, nepi ka urusan lampu gé teu kasiweur). Mun mesin cuci nu disanghareupan téh lain di gigireun beulah kénca mesin cuci nomer 1, sahenteuna teu kudu ngarandapan samar nya polah. Mun mangkeluk Operator teu boga peta cunihin mah, sahenteuna moal nitah manéhna sangkan pindah ka mesin cuci nu padeukeut jeung méja operator atawa moal sina dititah pindah ka mesin cuci nu matak manéhna nukangan méja operator.

Jetrék knob "Wash Timer" téh disada, sorana miyuni panggeuing pangacian nu bieu kumalayaban. Geus 9 menit lilana ari kitu mah éta seuseuheun téh digulanggapér ku sakadang pamuter—naon nya ngaranna, ceuk operator mah éta téh sakadang pulsator—dina jero tabung cuci. Sok hanjakal ari geus kieu téh, bingung nya pipetaeun. Kunaon atuh tadi téh teu sakaligus nanya ka operator kumaha prakprakanana nyeuseuh maké mesin cuci ti mimiti prak nepi ka réngséna, ieu mah kalahka siga nu rék ditungtut nanya téh. Tadi téh élmu ti operator kakara nepi ka muter knob "Selector" kana posisi gentle, ngocorkeun cai tina selang pengisian air nepi ka seuseuheun dina tabung cuci kakeueum kabéh, ngasupkeun déterjén bubuk sacukupna, nutupkeun penutup tabung cuci, laju ditéma kana muter knob "WashTtimer" dina posisi 9 menit. Geus kitu mah tinggal dagoan wé, cenah.

Lieuk ka operator, katempona bangun nu keur anteng ngadédéngékeun penyiar radio dina acara "Géboy Mania" nu sorana semu diogokeun téa. Mending kénéh kitu kétang tibatan kaluman euweuh tempoeun mah. Enya maksud téh "Si Amoy" nu totonggéngan ngasup-ngasupkeun seuseuheun tina émbér kana tabung mesin cuci nomer 10 hareupeunana. Atawa kaluman pédah euweuh batur ngobrol sukan-sukan alatan teu laksana ngabandang mojang nu bieu sangkan nyeuseuh di mesin cuci nomer 1 nu padeukeut jeung manéhna.

Nanyakeun waé kitu ieu téh? Mun nanyakeun, lantaran teu purun téa manéhna, hayoh engké kalahka dititah sina maca kana petunjuk penggunaan nu ngajeblag dina témbok hareupeun. Kateuteuari ari kitu mah, merenahna mah daék teu daék manéhna téh kudu ngaladénan sakumaha nu diperedih ku konsumén. Tapi, heueuh barina gé jeung naon dijieun péréléan prak-prakanana nyeuseuh maké mesin cuci nu ngajeblag dipasang dina témbok hareupeun mesin cuci séwang-éwang, mun lain keur bacaeun jalma nu teu ngarti caran kuring mah. Lieuk ka béh juru, ngalingling ngadeuleu maling "Si Amoy" téa. Meneran pisan yeuh, "Si Amoy" téh aya ku jongjon mukaan majalah (tangtuna gé bari dibaca saliwatan) dibarung nyingkurkeun manéh ngadédéngékeun lagu tina walkman-na. Enyaan kituna mah Si Amoy téh embungeun kaganggu.

Setelah selesai, buanglah air dengan cara memutar knob "Selector" ke posisi "Drain". Kitu unina petunjuk penggunaan nu ngajeblag dina témbok hareupeun téh. Sanggeus kapanggih pernahna éta knob "Selector" téh, teu talangké deui éta wawaran téh diéstokeun pisan. Ieu mata bangun nu panasaran hideng sorangan nengetan barobahna cai nu aya dina tabung cuci, naha enya cai nu tadi minuhan seuseuheun téh bakal nyirorot kaluar ngaliwatan selang pembuangan. Tangtuna éta pananya téh bijil tina kaayaan nu cangcaya kana polah sorangan, hayoh engké téh bisina nyalahan. Pas tadi nyetrékkeun knob "Selector" gé teu sirikna rampang-reumpeung, rarasaan téh siga aya nu keur nalingakeun kana peta kuring. Ah, da éta mah rarasaan wungkul meureun. Teu sing aya nu nalingakeun.

Sidik ayeuna mah dina tabung cuci téh tinggal seuseuheun wungkul ngabagug jeung bangkarak busa tina sésa-sésa déterjén tadi. Bakating ku tarik kaputerken sigana katempona seuseuheun téh sabataé pajeulit teu puguh mana baju mana calanana. Nempo kitu mah teu kudu hariwang mun nyeuseuhna téh teu beresih. Naha da éta mah, sanggeus seseuheun diilikan hiji-hiji, keukeuh kudu hariwang yén nyeuseuh maké mesin cuci teu salawasna seuseuheun bersih kabéh. Angger samodél kokotor nu narapel na tungtung calana jeans mah kudu disikat. Kamana nya kudu nginjeum sikat, sugan operator nyadiaan.

Cenah ceuk operator mah sakadang sikat téh keur dipaké ku mesin cuci nomer 4. Ké heula, kudu ka mesin cuci nomer 4, naha nyadiaan sikat ngan hiji-hijina kitu. Aya ku bener ieu mah réntal mesin cuci téh teu nyugemakeun konsuménna. Lain kunanaon, ti tatadi gé matak kabita nu aya nempokeun nu keur nyareusuh di mesin cuci nomer 4 mah, kari-kari ayeuna kudu nyampeurkeun. Tempo geura, maranéhna sakitu layeutna. Aya ku tegep diuk réréndéngan. Nu lalaki keur jongjon maca komik bari leungeun kéncana mah teu lésot ngaléng kana lebah cangkéng nu awéwé. Nu awéwé, siga nu ngahaja ngabibitaan, leungeun katuhuna meneran pisan nyekel pageuh sed saeutik kana luhureun beulah kénca pingping nu lalaki. Kituna téh bari teu wéléh nyonyoo hp-na. Kalan-kalan maranéhanana téh ngobrol suka bungah dibarung ku seuri ngeunah pisan. Mun geus nyeueung siga kitu, tungtungna sok ras ka diri sorangan. Iraha nya rék ngalaman.

"Mas, nomer lima dah selesai, ya".

Tangtuna "Si Amoy" nu ngomong kitu téh, apan lain manéhna nu maké mesin cuci nomer lima mah. Enya wé, mojang nu rancunit téh katempona keur beberengkes mérésan seuseuheunana tina tabung spin kana backpack boga manéhna. Aya ku gancang tah si mojang téh nyeuseuhna, ana kitu mah omonganana basa tadi mimiti datang téh teu bohong.

"Kumaha Mas, udah sikatnya?"

Asa kageuingkeun ku mangkeluk operator, teu kudu ngaduakalikeun manéhna nanya ku kuring dijawab.

"Wios, teu kedah Kang. Kantun dikucek wungkul ieu mah."

Ngomong kituna téh bari diantebkeun lebah kecap Kang-na. Kaluman tuda, geus puguh manéhna urang Sunda tangtuna bisa basa Sunda, naha keukeuh maké kénéh kecap Mas. Leuheung basa mun "Si Amoy", da manéhna mah lain urang Sunda munasabah mun teu eungeuheun yén sesebutan Mas mah pikeun urang Jawa lain jeung urang Sunda.

Pindahkan cucian ke tabung Spin, cucian di sebar merata didalam tabung lalu letakan penutup dan tekan cucian memakai penutup tersebut hingga agak padat. Lalu Tutup penutup tabung Spin.

Sanggeus hakul yakin yén euweuh deui kokotor nu narapel na lebah tungtung calana jeans, seuseuheun nu patulayah na tabung cuci téh gancang dibebes-bebeskeun kana tabung spin sakumaha nu kaunggel dina petunjuk penggunaan.

Aéh enya, "Si Amoy" rék mulang! Hanjakal pisan can anggeus yeuh nyeuseuh téh. Tadina mah sakalian, hayang nganteur manéhna heula balik ka kosanana atawa mun daékeun mah diajak nyimpang heula ka "Pajawan". Sugan wé manéhna téh can dahar peuting ayeuna. Atawa mun eunggeus, rék diolo sangkan daékeun ari diajak nginum bajigur mah. Beukieun teu, nya? Sigana saacan nanya beukieun henteuna, saacan jauh teuing ngawawaasna, payusna kudu nalék manéh heula. Boga kawani kitu?

Saha nu teu hayang atuh ka manéhna mah. Tong boroning jadi kaboghna, bisa deukeut atawa bisa diaku ku manéhna gé, geus pirang-pirang untung nu aya. Tempo geura, manéhna aya ku sieup. Awak sakitu mah manjing kana jangkung leutik, merenahna mah campernik. Pakulitanana tangtuna semu konéng urat héjo maya-maya téa. Boga rupa pibasaeunana mah euweuh céda, lebah pipina aya ku limit euweuh tapak jerawat atawa bobogoeun.

Ngan nya éta téa aya hanjakalna(lain leuwihna kitu?). Geura ieu mah, manéhna maké  kaos bodas merecet nengah bujal, ka handapna balas maké calana boxer nu nengah pingping téa. Manéhna badis nu ngahaja méré ombér ka nu lian—tangtuna lalaki tolohéor—sangkan laluasa ngawawaas naon waé nu nyampak tangka uruy ciduh.

Putar Knob "Spin Timer" sesuai kebutuhan (saran selama 1 – 2 menit) tunggu hingga berhenti. Lalu lanjutkan ke "Panduan Cara Membilas".

Manéhna, sakuringeun mah, teu bina ti Vivian Hsu, artis Taiwan nu nanjung di Jepang téa. Inget kénéh kuring mah kana salah sahiji pilem séri-na, Love Story, nu diputer ku salah sahiji statsiun tipi swasta. Mun geus nongton éta carita, teu wudu matak panasaran teu bisa saré. Atawa mun pakulitanana hideng santen mah, teu jauh-jauh teuing jeung Preety Zinta, artis Bolywood nu miboga liang undur-undur dina pipina. Lain, bener kitu Preety Zinta pakulitanana hideng santen? Ké heula, naon ieu téh aya ku gandéng ngaguruh kieu, dadak dumadak mesin cuci jadi oyag-oyagan.

"Kang, bagaimana ini téh!"

Teu kanyahoan iraha datangna, Oprator geus aya di gigireun. Manéhna langsung muka penutup tabung spin.

"Kang, kalau ga tau nanya dulu, atuh. Tutup nu ieu téh harusnya mah bukan disimpan di atas wungkul. Tapi kudu diteken sampe ke bawah di dalam tabung pengering. Biar ga kayak tadi! "

Jadol téh, aing wirang. Wirang! "Si Amoy" nu geus di lawang panto rék indit pisan gé nepi ka ngalieuk heula nempo kuring dicarékan. Pon kitu deui nu nyareuseuh di mesin cuci nomer 4, teu sirikna rék nangtung-nangtung acan. Kamana nya aing nyumputkeun beungeut. Mun seug ngaca mah harita, teu pamohalan beungeut téh dadak sakala jadi euceuy beureum bakating ku wirang. Teu euleum-euleum tah Si Operator cunihin téh nyeukseukkan aing nepi ka kituna. Ngomongna téh bari pepeta sagala hayang katangar yén manéhna téh nu paling nyaho kana urusan mesin cuci. Mun geus kitu, meni hayang gancang-gancang balik ka kosan pikeun nyumputkeun rasa kawirang. Meni hayang gancang-gancang tibra saré, susuganan bisa kajadian bieu téh ngan saukur ngimpi wungkul.

Wi-Ni Wash, 14 Maret 2006

Kungsi dimuat di tabloid mingguan basa Sunda:
Galura Nomer 11 Taun ka-18/Edisi Minggu III-Juni 2006